masukkan script iklan disini
KOMITEBUDAYADKKKT.ONLINE — Komite Budaya Déwan Kesenian dan Kebudayaan Kota Tasikmalaya (DKKKT) ngaliwatan Gentra Loka, ngalanggengkeun ikhtiar pikeun ngarawat pasamoan. Ngaraketkeun simpay. Rohang tepung keur papada urang, nu haat kana kabudayaan jeung nu teu kendat ngajaga lumangsungna daya kréatifitas di ieu wewengkon. Sabab Tasikmalaya butuh riungan masif nu bisa namperkeun sawangan katut ngabuktikeunna jadi lajuning laku.
Kunaon Pelatihan Panata Basa Sunda penting diayakeun?
Ceuk saha maké basa Sunda téh rongkah ku papagon? Mun téa enya siga kitu, keun waé saheulaanan mah leupaskeun heula perkara aturan nu dianggap hésé. Keur kiwari mah, ku masih daék maké basa Sunda ogé geus hiji kahadéan. Tegesna pikeun urang Jawa Barat khususna, apan basa Sunda téh basa indung—basa anu diajarkeun ti bubudak jeung hamo bisa leupas sagemblengna tina kahirupan sapopoé. Buktina urang masih mindeng ngimpi maké basa Sunda.
Keun ari dina kagiatan sapopoé mah. Cuang tunda perkara éta. Nu bakal jadi konsén utama téh nyaéta prakték maké basa Sunda dina acara. Sebut waé dina ieu perkara anu paling penting téh pikeun panata acara. Upama ku urang ditengetan, teu saeutik panata acara anu masih pagudjrud dina maké basa Sunda. Padahal kaidahna geus aya, alatan naon atuh masih loba kénéh nu salah? Boa geus sarangeuk macana atawa teu kungsi pisan ngahalkeun pikeun diajar? Ku kituna pasamoan dina wentuk pelatihan siga kieu penting diayakeun. Copélna bisa jadi bahan pangajaran basa Sunda nu teu matak bosen jeung jadi pangalaman émpirik nu béda. Ngariung bari gogonjakan. Balik mawa kaweruh.
Conto leutik kasalahan panata acara basa Sunda téh nyaéta sok nyampurkeun basa Sunda jeung basa Indonésia. Sanajan ukur sakecap tapi jadi maéhan kana éstétika kabahasaan. Teu genah kadéngéna jeung némbongkeun yén panata acara teu wacis dina maké basa Sundana. Malah sok dianggap maksakeun. Biasana kajadian siga kitu téh alatan pembendaharaan kecap anu awut-awutan, upamana nyampurkeun basa Sunda loma jeung lemes. Diksi dina basa Sunda dianggap euweuh piliheun, padahal basa Sunda téh beunghar kacida. Kaasup dina maké kecap anteuran. Upamana panata acara nyebutkeun yén rundayan acara téh dituluykeun ku parasmanan, kumaha kira-kirana kalimah nu merenah?
"Bapa miwah ibu anu ku sim kuring dipihormat, rupina rundayan acara ti kawit dugi ka akhir parantos lekasan kalawan lancar. Salajengna, sumangga tiasa dilajeng ngaleueut tuangeun anu parantos disayogikeun," atawa "Bapa miwah ibu hormateun sim kuring, rupina rundayan acara ti kawit dugi ka akhir parantos lekasan kalawan lancar. Salajengna, sumangga tiasa nuang katuangan anu parantos disayogikeun,". Mana kira-kira nu leuwih merenah?
Ieu pelatihan bakal ngadeudeulan pamilon ku matéri-matéri, prakték étika awak anu teleb pikeun panata acara basa Sunda. Kaasup saperti conto di luhur, kumaha cara maké diksi nu merenah dina kalimah jeung sajabana. Pangpangna dina maké kecap-kecap petingan.
Wilujeng tepang dina waktosna kanggé sadaya calon pamilon. Geura cuang teuleuman, basa nu éndah warisan karuhun urang.
Tilam baktos,
Pupuhu Komite Budaya DKKKT


